Badéng

Badéng téh kasenian buhun anu ayeuna masih aya di Garut. Éta kasenian téh lahirna teu bisa dipisahkeun tina usaha para ulama enggoning nyebarkeun Islam, hususna di wewengkon Garut.

Kasenian Badéng téh bibit buitna mah ti Désa Sanding, Malang-bong, Garut. Ujaring carita, éta kasenian téh mimiti diréka taun 1800-an ku Arfaén Nursaén, tokoh agama di Sanding. Badéng téh ngagabungkeun seni solawatan jeung tatabeuhan. Apan tujuan diciptakeunana ogé keur nyebarkeun ajaran Islam téa.

Ari tatabeuhanana tina awi, teu béda ti angklung. Éta tatabeuhan téh nimbulkeun sora anu ngalagena tur matak genah didéngékeunana. Ku cara kitu, solawatan téh jadi leuwih nyerep kana haté jeung dipikaresep ku masarakat.

Awalna kasenian badéng téh ngan nyebar di lingkungan satri. Tapi lila-lila mah dipikaresep ogé ku masarakat séjénna. Nya ti harita, seni Badéng mineng midang di lingkungan masarakat anu leuwih lega.

Kadieunakeun seni badéng téh henteu ngan ukur ngagunakeun angklung, tapi ogé dipasieup ku tatabeuhan (waditra) séjén. Di antara waditrana nyaéta: angklung leutik dua, dogdog lojor lima, jeung angklung gedé tujuh (ngawengku angklung indung, angklung kenclung, jeung angklung kécér).

About Kang Paku

saya terlahir di sebuah pegunungan di sebuah kota kecil ya itu Garut lahir dengan susah paya dan tidak di tolong oleh puskesmas mapun rumah sakit, tetapi hanya menganadlkan duku bayi betul betul tradisional sekali prosesi kelahiran saya kini saya berlalu lalang dari kota satu ke kota lainya demi menggapai sebuah cita-cita luhur Lihat semua pos milik Kang Paku

Comments are disabled.

%d blogger menyukai ini: